PENGUNJUNG

Senin, 07 Desember 2020

PUNCAK NA IBADAH


Dina wanci haneut moyan ieu urang gumbira, sabab parantos tiasa ngaréngsékeun ibadah saum Romadlon salami sabulan campleng tur dipungkas ku ibadah zakat. Tapi dina dinten nu ayeuna pisan urang ogé kedah ngaraos sedih sabab urang kudu paturay papisah jeung bulan nu pepek ku rahmat katut barokah. Mudah-mudahan Alloh nampi kana ibadah urang sadaya, saum urang, sholat, katut ibadah urang anu sanésna. Taqobbalallôhu Minnâ Waminkum. Sareng mudah-mudahan Alloh Swt ngalebetkeun urang sadaya kana golongan jalma anu balik kana kasucian, sareng jalma-jalma anu meunang kabagjaan.

Nincak dina dinten nu ayeuna urang tepung jeng lebaran, lebaran dina kamus bahasa sunda mah mibanda dua harti, nu kahiji lebaran teh asalna tina kecap lebar, nyaeta matak handeueul sabab teu kaarah gunana, matak sok aya basa jeung dilelebar kitu namah mending dibikeun ka batur weh kadaharan teh. Nu kadua nyaeta asal kecap na teh tina lubar, hartina bebas. Lebaran shaum hartina lubar atawa bebasna jalma tina kawajiban ngalaksanakeun  ibadah shaum ramadhan, sedengkeun lebaran rayagung lubarna atawa bebasna jalma nu ngalaksanakeun ibadah haji tina ihram.

Ku dua harti kecap lebaran ieu, kaharti ku urang sadayana yen jalma teh aya nu ngalelebar shaum ramadhan nu campleng sabulan alatan teu ngajadikeun shaumna wasilah pikeun menang pahala, dihampurana dosa, muka panto surga, nutup panto naraka jeung ngaberengkes syetan. Ieu sakumaha unggel rasul “kam min shoimin laisa lahu min ju’in wa athosin” saluyu jeng katerangan dina hadits nu lian nyaeta, “rogima anfum riim dakhola alaihi syahrur romadhona tsuma khoroja falam yugfaru lahu”. Lamun nu shaum wae ge aya nu dilelebar shaumna komo deui nu tara shaum cag!

Lian ti kitu sabab dilelebar shaumna jalma teh ngarasa lubar, ngarasa bebas kiwari mah teu kudu nahan laparna patuangan jeung halahabna tikoro, tapi teu kabeh jalma bungah tina bebasna tina kawajiban shaum, sakumaha jalma nu bebas tina pagawean aya nu bungah alatan geus pangsiun jeung aya nu kuciwa alatan di PHK, sanajan sarua bebas tina pagawean nu hiji mah matak pikabungaheun, jeung nu hiji mah matak pikasediheun.

BACA JUGA : Memetik Manfaat Puasa Ramadhan

Sanajan urang tos bebas tina kawajiban ibadah shaum lain hartina urang kudu reureuh, ereun tina ibadah. Sabab sanajan keur sare alatan rereuh tina pagawean pan anggeur sare teh pagawean keneh, cicing oge mangrupakeun pagawean keneh. Manakomo lamun urang merhatikeun tina dawuhan Alloh SWT “fa idza farogta fanshob” lamun arandika geus beres tina migawe hiji pagawean prak geura narangtung deui (digawe deui). Jadi hakekatna mah taya kamusna pikeun urang rereuh, komo lamun urang rereuh tina jantung teu digawe apan maot tea ngarana.

Kusabab kitu sabadana bulan romadlon urang nincak kana syawwal.  Syawwal tina hiji jihat mah tina kecap syaulu hartina al-khofilu fil amali wal khidmati” nyaeta rada enteng dina migawe amal jeung pelayanan, tapi tina jihat nu lian mah syawwal teh tina kecap syaala tina irtifa’a nu mibanda harti ngaronjat. Kuduna ibadahna kaum muslimin ngaronjat dina bulan ieu alatan geus dilatih sabulan campleng dina romadhon.

Dina ngarandapan kahirupan dina alam dunya manusa sakabehna boga masalah, ieu masalah teh lahir alatan sakabeh manusa boga urusan, boga urusen jeung boga uruskeuneun. Masalah hirup nu kacida lobana ti mimiti nu ngan jangar sirah wungkul ku obat ti warung oge cageur nepi ka nu gering jeung panyakitna nu ngabutuhkeun biaya keur diubarna ngapuluh-puluh juta, kabehanana sarua palebah masalahna mah. Sangkan masalah dina hirup teu ngajadikeun mamala komo bari ngalabrak jeung ngaruksak fitrah dina agama, nya jalma teh butuh nu ngarana makhroj atawa jalan kaluarna. Jalan kaluar nu bakal jadi bekeul nyingharepan berat jeung ripuhna hirup, nyekrup jeung wahyu kalih fitrahna manusa, bekel ieu nu ku urang diikhtiaran kamari sabulan campleng teh nyaeta TAQWA, Alloh SWT ngadawuh: “wa tajawwadu, fa inna khoiru jadit taqwa” prak anjeun geura bebekelan, jeung sahade-hadena bekeul teh nyaeta kataqwaan.

Timana menangna eta kataqwaan teh? Lain menang meuli komo minjem tapi kataqwaan teh katimu tina saniskara ibadah nu dilaksanakeun ku manusa, matak cadu mungkuk haram dempak lamun aya manusa nu ngarasa taqwa bari tara ibadah tea mah. 

Puncak tina ibadah nyaeta shaum bulan Ramadhan. Sabab dina bulan ramadhan  urang diajar Pinter nempatkeun diri iraha dahar, nginum sareng ber bermujama’ah cek bahasa al-Qur’an mah urang the diajar sangkan kabimbing hirup. Katilu macam eta disusulkeun salaku aturan tina parentah dahar jeng nginum. Teu dahar ibadah, dahar oge ibadah, teu nginum ibadah, nginum oge  ibadah, mujamaah ibadah, teu mujamaah oge ibadah. yatruku tha’amahu wa syarabahu lî, Anjeun ninggalkeun dahar jeung nginum kusabab kaula (Allah) .Ternyata lamun ku urang dititenan teu aya waktos sadetik oge waktu urang anu diluar tina ibadah nalika bulan ramadhan. 

Ieu anu sabagian para ahli elmu nyebatkeun satiap ibadah shaum kudu dibarengan jeung kakhusyuan. Khusyu saperti kumaha? Lamun keur jalma di luar Islam nyarembah Tuhana kudu jelas aya diharepeun matana sorangan, dugikeun ka tempat-tempat ibadahna teh di jieun patung-patung, sareng maranehna ngarasa kacida dekeutna jeung pangeran anu disembahna. Islam ngabatalkeun cara pendekatan ka Pangeran saperti eta, eta ibadah teh batal jeung eta teh asup kana kamusrikan. 

Islam ngajarkeun kudu khusyu secara elmu. Ieu teh anu nyababkeun khusyuna ibadah teh. Pantes Rasul nganyatakeun nuntut elmuteh wajib, lain keur jelema lain tapi keur diri urang sorangan, ngarasakeun kakhusyuan kusabab kaelmuan eta.budak mun keur ulangan khusyu weh ngerjakeun teu ngareret kakatuhu atawa kenca teu kaganggu ku baturna sabab geus apal elmu jeung jawabana, nya kitu deui jalma nu ibadah kalayan mibanda elmuna, moal ngareret ka katuhu kunaon batur kitu moal ngareret ka kenca kunaon batur beda, manehna bakal khusyu sabab geus mibanda elmuna. 

lajeung elmu anu mana heula anu nyababkeun urang khusyu dina ibadah teh?

Kahiji, ngaku atawa henteu urang lahir sarta hirup lain kusabab kahayang urang. Diaku atawa hente? Tina bahan anu sarua tapi jadi mahluk anu beda ; lalaki jeung awewe. Leuwih ti eta tina bahan anu sarua naha urang teu jadi kera, padahal monyet jeung jalma tina bahan anu sarua. Naha urang jadi jelema? Naha monyet teu ngalahirkeun jelema jeung sabalikna naha jelema teu ngalahirkeun kera? Padahal tina bahan anu sarua; anu dituang ku urang jeung di hakan ku monyet sarua tina tumbuh-tumbuhan kusabab cai turun ti langit jeung ngaluarkeun tatangkalan sarta bubuahan. Anu asakan, digoreng dibeuleum terus di hakan ku ucing tapi teu jadi manusa, di tuang ku jalmi moal jadi embe, mangka tina eta lahirlah ilmu genetika atanapi ilmu katurunan, kusabab kitu urang kudu bungah ngabogaan elmu genetika atawa katurunanteh , jawabana umur urang moal anggeus pikeun ngabahas eta patarosan kusabab umur urang kacida singketna lamun dibandingkeun jeung elmu Allah anu kacida legana.

Ku elmu ieu tah tugas Rasul pikeun ngamanusakeun manusa, sabab can tangtu satiap manusa geus jadi manusa, domba geus berhasil ngalahirkeun domba, monyet geus berhasil ngalahirkeun monyet, hayam geus berhasil ngalahirkeun hayam, tapi manusa teu kabeh berhasil ngalahirkeun manusa, naon buktina? Domba mah teu apaleun ayeuna bulan romadhon, ayeuna syawal, ayeuna safar sabab kitu pagaweana nyatu weh saban waktu the, matak mun manusa nalika bulan romadhon dahar weh boa-boa can jadi manusa sabab romadhon mah waktuna teu dahar, monyet dilatih sababaraha bulan loba nu bisa shosholatan meni lucu, tapi nu ngalatihna tara sholat aya ku lucu boa-boa can jadi manusa, hayam mun nyatu tara ruang-riung, sorangan weh malah mun aya hayam lain ngadon dibintih, mun aya manusa nu ngarasa kasieunan keneh rizkina dibikeun ka batur naon bedana jeung hayam?  

Elmu keur kabagjaan akherat mah lain menang ti sakola, tapi di mana wae bisa menang salila sumberna tina gurat qur’an jeung garis hadis. Dina diajar jalan butuh guru keur digugu jeung ditiru, nyakitu deui dina agama jalma butuh nu digugu jeung ditiru. Tah ieu tugasna para Nabi jeung Rasul utamina Nabi urang Muhammad SAW.

Rasul moal diutus lamun ngan saukur pikeun muka pikiran manusa, lamun teamah tujuan hirup manusa ngan saukur kana tinggkat ngaku yen Allah teh aya. Ari ngan saukur nepika garis etamah  teu perlu Rasul, teu perlu aya Nabi, Allah geus nyadiakeun, parantos nenetpkeun bahan anu lengkap dina diri manusa lamun ngan saukur nepika ngaku yen Allah teh aya. 

Lamun urang ningali meja, mimbar, atanapi patung anu dijieuna tina kai pikiran urangmah teu rubah yen etateh kai rek dijeeun naon wae  tetep dina bahan asalna . Kusabab kitu  daripada ku nyembah patung anu dijeina tina kai lewih alus urang nyembah kaina, kusabab asli.

Ringkasna lamun urang teu iman ka Nabi Saw, terus imam urang teh saha? Lamun urang teu ridlo jadi ma’mum Rasulullah terus imam urang teh saha? Tah ieu anu engke di yaumul qiyamah Nabi calik kanggo sadaya ummat anu nuju dipariksa jeung bakal ngajawab sakabeh pertarosan anu kedah dijawab sesuai sareng pangangkanan Rasulullah Saw eta.

Mudah-mudahan ibadah shaum urang ageng atanapi alit kasaean urang sadayana ditampi sareng kasalahan urang dihampura.


*Salah sawiosna dicutat tina intisari khutbah Iedul Fitri KH. Usman Sholehudin Allahu Yarham

untuk pemaparan dalam bentuk audia klik Dengarkan khutbah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Dzikrul Maut #5

  (Kitab At-Tadzkiroh Bi Ahwali Mauta wa Umuri Akhirat/ Peringatan Tentang keadaan orang Mati dan urusan-urusan Akhirat/Imam Al Qurthubi) KO...