PENGUNJUNG

Sabtu, 05 Desember 2020

Agama nu Nyalametkeun Nagara


(Miftah Husni)


Wanci kiwari dina zaman nu ayeuna, umat Islam khususna nu aya di Indonesia keur nyinghareupan mangrupa-rupa masalah nu berat tur kacida kompleksna, masalah akhlaq dimana pejabat jeung rakyat geus teu katingali bedana,  sarua papada loba nu khianat, gaya hirup nu  materialistik sakabeh aspek kahirupan tolak ukurna ku harta jeung mangrupa-rupa deui masalah akhlaq nu sejena.

Dina masalah perang pemikiran nu katelah ghazwul fikri, umat islam diserang aqidahna ku aqidah syi’ah, diserang pemikirana ku sekulerisme, liberalism, jeung pluralism, diserang pemahaman kaislamana ku kamangmamangan dina agama ku gerakan-gerakan anyar nu siga islam padahal lain Islam.

Dinas segi kamiskinan oge umat Islam Indonesia matak pikawatireun, tina 250 juta jiwa, 28,55 juta jiwa kagolong jalma miskin anu pangarihna ngan ukur 295.250 tiap bulanna, padahal mun ninggali ka negara batur siga Pakistan  nu miskinna nga ukur 20 urang, Malaysia ngan ukur 15 urang, malah singapuran ngan ukur 6 urang sanagara ngurus nu miskinna.

Nasib barudak oge kacida pikawatireun,  800.000 anak jalanan nu geus ereun sakolana teuing kumaha nasib geus garedena, ieu nu ku pakar social disebut lost generation, generasi nu bakal leungit sabab teu kaurus ku generasi kiwari, malah dina segi pangarihna, tina 250 juta jelema di Indonesia ngan ukur 20.000 urang nu boga tabungan teu kurang ti 10 milyar.

Dina segi Indeks Pembangunan Manusia (IPM) Indonesia ngan ukur peringkat ka 124, sementara Pakistan nagara leutik aya dina 114, boznia nu diserang wae ku zionis aya dina peringkat ka 74, jeung tatangga urang weh nu deket nyaeta Malaysia kacida jauhna, Malaysia aya dina peringkat 61, jauh mela-melu komo mun dibandingkeun jeung Israel nu cenah musuh Islam nu aya di peringkat 3 sadunia.

Akibat tina kondisi nu samodel kitu bakal pangaruh langsung kana masalah kalaparan, Ari barangtuang mangrupakeun kabutuhun utama nu hirup, utama na manusa, malah sato mah dilepaskeun di mana wae oge jarang nu paeh alatan kalaparan, tapi manusa di kota nu lubak libuk ku sagala kadaharan aya keneh manusa nu maot alatan kalaparan. Lamun asusmsi harga beas 10.000/kg sapoe berarti sabulan kudu 300.000 keur meuli beas wungkul, kumaha bisa kabeuli ku masyarakat anu pangarihna ngan ukur 295.250 tiap bulanna bari lain saeutik jumlahna tapi 28,55 juta urang.

Nagara pang amanna sadunia numutken riset economic intelligence nyaeta Islandia kadua Denmark, ku saking aman-amana di eta dua negara nu boga mobil jeung motor teu sieun leungit mun koncina katinggaleun, beda jeung di Indonesia nu dikonci tur digembok oge masih keneh hariwang sieun aya nu maok. Di Denmark sataun kajadian nu dipaehan ngan ukur 25 kasus, sedengken di Indonesia, ngan ukur di Jakarta wae,  6 bulan geus aya kasus 60.

Numutkeun data ti BPS, di Indonesia, tiap 1 menit 54 detik kajadian hiji kajahatan, jeung nu paling ngarugikeun secara materil nyaeta kajahatan tindak pidana korupsi, dina satahun nagara tur rakyat dirugikeun ku para koruptor teu kurang ti 30% APBN, ieu sarua hartina jeung 350 Triliun rupiah nu dipaok ku eta para koruptor. Leuwih ti kitu Indonesia menang peringkat kahiji dina kasus kajahatan ka budak leutik, kadua tina kasus kajahatan dunia maya.

Tina segi ngaran, masalah kajahatan beuki aheng, aya mutilasi tea mah, aya cuci uang, jeung sajabana, tina segi waktu baheula mah nu jarahat teh peuting, kiwari mah beurang oge teu saeutik, baheula mah nu jahat teh dinu sepi ayeuna mah dinu rame leuwih loba. Baheula mah nu jahat teh kalasar garalak, ayeuna mah leuwih bageur ti batan nu bageur, nepi aya hipnotis jeung gundam sagala, baheula mah nu garede awak preman nu jarahat  merkosa na teh, kiwari mah budak leutik jeung aki-aki peot loba nu merkosa, malah nu leuwih miris jaman baheula mah nu jahat teh dengeun-dengeun, batur nu teu wawuh-wawuh acan, kiwari mah nu jadi anak, nu jadi bapa, nu jadi guru malah aya nu jadi ustad jeung kiayi ngalakukeun kahajatan ka jelema nu kuduna dipikanyaah ku maranehanana.

Eweuh na kaamanan bakal mangaruhan ka sagala lini kahirupan moal bisa  kalaksanaekun. Tos kudu jadi pepeling keur nagara urang 350 tahun lilana dijajah susah malah teu bisa ngalaksanakeun ekonomi. Pendidikan kacida susahna, syiar tur ibadah hariwang ku cing jelegurna meriam jeung pestol. ku penting-pentingna ieu kaamanan nabi ibrahim AS  ngadua menta kaamanan samemeeh kamakmuran wa idz qola ibrohimu robij al hadza baladan amina.

وَإِذْ قَالَ إِبْرَٰهِۦمُ رَبِّ ٱجْعَلْ هَٰذَا بَلَدًا ءَامِنًا وَٱرْزُقْ أَهْلَهُۥ مِنَ ٱلثَّمَرَٰتِ مَنْ ءَامَنَ مِنْهُم بِٱللَّهِ وَٱلْيَوْمِ ٱلْءَاخِر...ِ

Jeng inget nalika Ibrahim nyarita nun Gusti jadiken ien nagara teh aman jeung paparin pengeusina nu iman Ka Allah jeung poe akhir rizki tina bungbuahan… (Al-Baqarah ;126)

Padahal Alloh SWT 15 abad katukang geus ngajarkeun ka urang sadayana kumaha konsep sangkan kahirupan sajahtera teh, nalungtik kana surat eta, aya tilu kriteria konsep kasajahteraan  nyaeta:

1.      Kudu Ibadah (al-Quraisy : 3-4)

الَّذِىٓ أَطْعَمَهُمْ مِّنْ جُوْعٍ وَءَامَنَهُمْ مِّنْ خَوْفٍ .فَلْيَعْبُدُوا۟ رَبَّ هٰذَا الْبَيْتِ

Mangka prak geura aribadah ka Pangeran nu ngurus Kabah, Anu mere katuangan nalika lapar jeung maparin kaamanan tina rasa kasieun.

Ari ibadah mangrupakeun bentuk kataatan manusa kanu jadi Kholikna, ibadah teu kawates ku nu mahdhoh wungkul, tapi sakabeh perkara anu dipikacinta ku gusti eta mangrupakeun ibadah, patarosana, naon hubungana jeung kunaon nu ngarana ibadah bisa ngeleungitkeun kalaparan jeung kajahatan.

Ibadah hakikatna ngajarkeun manusa sangkan tujuan kahirupan bisa mere kasejateraan lain keur diri pribadi wungkul tapi keur dulur na anu lian, ari sholat teh butuh ayana masjid ku sabab kitu nu sholatna geus bener pasti hayang ngabangun masjid sedengkeun masjid lain keur eusianeun sorangan tapi keur babarengan jeung balarea, komo lamun ningali zakat pan puguh kudu dibagikeun ka mustahikna, shaum oge diajarkeun sangkan bisa mere barangdahar ka batur, sakumaha dina hadits man afthara shaiman kana ajruhu ka ajri shoimi, komo deui ibadah haji mah, geus teu pantes aya haji koret sabab title haji dinap pangarti orang Indonesia geus mencapai akhlak jeung kamanfaatan nu pangluhurna salaku muslim, nepi aya bahasa haji-haji koret, haji-haji teu infak jeung asa teu pantes pisan naek haji dua kali ari tatangga hareupun panto cing koceak kalaparan.  Mun ibadah geus sapuk jeung Kahayan Mantenna, jaminana jelas urang bakal bebas tina kalaparan (freedom from Hungry) tur aman tina kajahatan (Save from Crime)

2.      Syukur nikmat an-nahl 112

 وَضَرَبَ اللَّهُ مَثَلًا قَرْيَةً كَانَتْ آمِنَةً مُطْمَئِنَّةً يَأْتِيهَا رِزْقُهَا رَغَدًا مِنْ كُلِّ مَكَانٍ فَكَفَرَتْ بِأَنْعُمِ اللَّهِ فَأَذَاقَهَا اللَّهُ لِبَاسَ الْجُوعِ وَالْخَوْفِ بِمَا كَانُوا يَصْنَعُونَ

“Jeung Allah ngadamel umpama hiji nagri anu baheula na aman tur tengtrem, datang rizkina kacida lobana tina sagala tempat, tapi maranehna ngadon kufur kana nikmat-nikmat Allah, nya ku Allah dibere cenah ngarasaken kalaparan jeung kasieunan alatan sabab nu dipigawe ku maranehna”.  

Ari Syukur fungsina keur ngajaga tur wasilah nambahna kani’matan, sanajan geus loba ni’mat nu karasa jeung kapimilik, lamun teu bisa syukur mah ngan ukur mawa kana kaancuran. Salah sahiji conto nu nyata, Negeri saba ancur ku beurit-beurit nu ngagorogotan maarib, kitu deui Kota Makkah nu 7 tahun paceklik sabadana rasul Hijrah.

3.      Kudu Silih Berehan utamana jalma aya

Akibat tina tara silih berehan,  jalma beunghar pelit kana ngalaksanakeun kawajiban, tungtungna jalma fakir bakal ngajual akhirat ku duniana. Pan Rasul geus jelas pisan mapadonan jaga harta aranjeun ku sodakoh jeung zakat lian ti kitu berehan bakal jadi panghapus tina dosa alatan ujian hirup tina harta, diri, anak, jeung tatanggana.

وَيُطْعِمُوْنَ الطَّعَامَ عَلَى حُبِّهِ مِسْكِيْنًا وَيَتِيْمًا وَأَسِيْرًا

“Jeng maranehna maparin katuangan nu dipikaresep ka jalma miskin jeng anak yatim jeung tawanan perang” (QS. Al-Insan : 8)

Katampi ti  Salman bin ‘Amir adh-Dhabbi, anjeuna nyarios, “Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh,

الصَّدَقَةُ عَلَى الْمِسْكِيْنِ صَدَقَةٌ وَعَلَى ذِيْ الْقَرَابَةِ اثْنَتَانِ : صَدَقَةٌ وَصِلَةٌ

“Sidkah ka jalma miskin mah ngan ukur jadi sidkah, tapi sidkah ka dulur mah jadi dua pahalana, sidkah jeung silaturahim”.  (HR. Tirmidzi no. 658, Ibnu Majah no. 1844, Ibnu Khuzaimah no. 2067, 2385, Ahmad no. 17, 18, dan Ad-Darimi no. 1687, 1688. Dinilai shahih oleh al-Albani di Shahih al-Jami’ no. 3858).

فَاتَّقُوا النَّارَ وَلَوْ بِشِقِّ تَمْرَةٍ فَمَنْ لَمْ يَجِدْ فَبِكَلِمَةٍ طَيِّبَةٍ

Jaga diri anjen tina seneu naraka  sanajan ngan ukur ku sidkah sasiki korma, lamun anjen teu boga, maka cukup ku nyarita nu hade (HR. Bukhari no. 1413, 3595 dan Muslim no. 1016)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Dzikrul Maut #5

  (Kitab At-Tadzkiroh Bi Ahwali Mauta wa Umuri Akhirat/ Peringatan Tentang keadaan orang Mati dan urusan-urusan Akhirat/Imam Al Qurthubi) KO...