Tah ieu salah sahiji
nu pang resepna cicing di pasantren kuring mah,nyaeta tiap santri menang balik
dua minggu sakali sanajan aya nu lewih ti eta ge alatan jauh atawa keur teu
bogaen ongkos. Biasana baralikna poe kemisna sabab di kobong
mah perena poe
jumaah, santri sok aya nu baralik ka imahna tapi poe sabtu kudu geus di pasantren
deui kudu asup diajar, iwal si juma’i weh nu balik ka pasantrenna mindeng
ditiir nepi poe minggu, malah sakapeng mah sarua balik deui sabtu ngan sabtu
harepna.
Mimiti mah aya rarasaan era sabenerna masantren teh naha dua minggu sakali balik deui balik deui pan batur mah paling gancang ge dua bulan, malah aya nu mang taun-taun teu balik. Nepi ka cunduk hiji mangsa mah ku tatangga mah sok disindiran, naha masantren teh geus balik deui karek ge dua minggu??? Bang toyyib ge tilu kali puasa tilu kali lebaran can balik-balik euy…puguh weh da urang teh bang Toyyib.
Tah karasana mangfaat sabenerna ku kuring mah sangkan barudak kobong teh bisa saetik-saetik ngamalkeun elmu na di masyarakat sanajan ngan ukur adzan wungkul, lian ti kitu indung bapa, emang, bibi jeung babaturan ulin ge sok ngahaja nanyakeun masalah agama ka kuring, nya dijawab weh sabisana, ari dalilna mah ke weh ku ustad. Di sagedengen kitu ku balik dua minggu sakali kolot bisa ningali kamajuan budak dina diajarna kumaha. Perkara ieu oge sangkan teu berat teuing keur nu jadi kolot mekelan da ngan ukur 2 minggueun, sanajan loba kolot santri nu bebeja ka ibu Kobong, nyen kalolobaan barudak teh balik ti pasantren nu ngagedean teh lalajo tipina jeung barangdaharna utamana mah santri awewe dan santri lalaki mah teu pati beda.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar