Untuk pemaparan dalam bentuk video klik Tonton video
Ku Miftah Husni
Teu aya jalma di alam dunya ieu nu lepas tina masalah, teu budak teu kolot, teu nu beunghar teu nu miskin, teu nu pinter teu nu bodo, anging kabehanana boga masalah. Tong waka mah nu cageur nu gelo oge boga masalah nyaeta gelona. Masalah tiap jelema teu sarua tapi cara nyingharepanana kalolobaanana sarua nyaeta aya nu bisa meresken jeung aya nu teu bisa meresken.
Ari kecap masalah asalna tina basa arab nyaeta مَسْأَلَة ieu mangrupakeun pecahan tina bentuk fiil na nyaeta saala. Ari saala hartina biasa digunakeun keur dua perkara nu kahiji hartina ; nanya jeung nu kadua hartina menta. Ku asupna bahasa arab kana basa sunda jeng basa indonesia kecap masalah dihartikeun nalika naon nu dihareupkeun teu loyog jeung kanyataan. Ieu katingali dimana jalma nu nanya aya na pikiran nu teu loyog jeung elmu nu karek katimu sakumaha jalma nu menta teu loyog antara nu dipikaboga jeung nu dipikahayang. Salian ti nu dipikahayang, manusa ge boga jeung nu dipikabutuh. Nalika nu dipikabutuh teu loyog jeung nu dipikaboga cingcirining ieu oge bakal jadi binih ayana masalah.
Tong waka mah sagala kabutuh jalma, sagala kahayang jalma ge bisa dilaksanaken sanajan loba nu hese. tapi dina raraga ngalaksanakena, manusa butuh leuwih loba waktu, leuwih loba tanaga, jeung leuwih loba pikiran. Padahal numutkeun Allah SWT daripada hese nyumponan kahayang lebih gampang nyabaran eta kahayang bari nyikreuh ngaikhtiaran dipapaes ku doa tur dibungkus ku sumerah diri tawakal kanu Maha Kawasa.
Allah SWT nyiptaken manusa tangtu jeng masalahna, tapi Allah Maha Adil tiap manusa dibere alat keur nyingharepan masalahna. Alat ieu nu ku urang sok disebut pikiran.
وَاللَّهُ أَخْرَجَكُمْ مِنْ بُطُونِ أُمَّهَاتِكُمْ لَا تَعْلَمُونَ شَيْئًا وَجَعَلَ لَكُمُ السَّمْعَ وَالْأَبْصَارَ وَالْأَفْئِدَةَ ۙ لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونَ
“jeung Allah nu geus ngababarkeun anjeun tina beteung indung anjeun dina kaayaan teu apal nanaon tuluy ku kami dijadikeun pangdangu, pangninggal jeung hate jueng pikiran supaya anjeun bisa syukur’ [an-nahl 78]
Konsekuensi tina pikiran nu dipikaboga manusa nyaeta manusa kudu bisa mikiran, sakumaha masalah mangrupakeun urusan matak nalika manusa mikiran nu dipikirana teh disebut uruseun. Uruseun mun teu diurus ku manusa bakal jadi uruskeuneun sabab pikiren nu teu dipikiran bakal jadi pikirkeneun keur manusa. Pikirkeneun ngabogaan harti yen kudu aya kasimpulan nu dicokot ku manusa tina pikireun nu dipikirkeuna, kasimpulan ieu nu sok disebut ku bahasa agama ibrah, hikmah atawa palajaran dina basa sunda mah.
إِنَّ فِي خَلْقِ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاخْتِلَافِ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ لَآيَاتٍ لِأُولِي الْأَلْبَابِ
“saestuna tina ngayugana lalangit jeung bumi jeung gantina peuting jeung berang mangrupakeun ciri-ciri kakawasaan kami keur jalma-jalma nu ngagunakeun hate jeung pikirana”[ali imran 190]
Nalika manusa geus bisa nepi kana tingkatan pikirkeuneun maka manusa bakal leuwih wijaksana nyinghareupan masalah sanajan masalah nu kacida leutikna. Hiji conto dina irung manusa pasti aya kokotor irungna nu sok disebut korong, sanajan kokotor, tapi korong dikersakeun teu bau sakumaha kokotor nu kaluar ti palawangan manusa. Ieu lamun dipikiran ku manusa naha bisa kitu, nepi ka inget kanu maha kawasa nyiptakeun eta korong. Mangka manusa kieu nu ku Allah disebut ulul albab.
Masalah teh sabenerna mah matak rudet keur jalma nu ngarandapanana, namung nalika manusa nyinghareupan eta masalah nepi ka beresna. Sadar teu sadar manusa geus naek sadarajat leuwih hade dina hirupna. Ngala tutut nu kacida gampangna nepi ka ngala lauk di laut nu kacida lega jeung jerona nepi ka kacipta mesin nu langsung ngawadahan lauk dina kaleng, melak jati nu panglilana mangtaun-taun nepi ka melak toge nu bisa dipanen sapoe eta lahir tina masalah kadaharan keur beteung manusa.
Konsekuensi tina lobana kahayang manusa nya bakal loba uruseun jeung pikireun, mangga perkara kadunyaan mah anjeun leuwih apal ngan lentaban seneu naraka mah kami nu leuwih apal, kitu nu dicaturken ku kanjeng Nabi Muhammad SAW.
أَنْتُمْ أَعْلَمُ بِأَمْرِ دُنْيَاكُمْ “anjeun leuwih apal kana urusan dunya.” (HR. Muslim, no. 2363)
Keur jalma nu iman, teu cukup ngan ukur nepi kana ngenah jeung henteuna kadaharan, alus jeung henteuna papakean sarta loba jeung saeeutikna hasil tina usaha, sabab jalma nu iman mah hirupna lain hayang ngenah di dunya wungkul tapi hayang ngenah nepi ka akherat jaga di sawarga. Jalaran kitu awak manusa teh uruseun tapi nutupan akherat mah uruskeuneun nepi ka jaga tanggung jawabna. Rek ditutup ku karung atawa ku tiung, rek bentukna rok atawa calana eta mah urusan manusa leuwih apal, ngan bab nutup auratna mah kami nu leuwih apal [ al-ahzab ; 59 jeung an-Nur 31], manusa kudu nurut kanu aturan kami supaya bisa salamet dunya tur akheratna.
Pikirkeunen dina diri manusa kudu bisa misahkeun mana urusan dunya mana urusan agama, teu meunang urusan agama dilakonan malah dicampuran ku urusan dunya sanajan urusan agama hampir aya dina tiap urusan dunya. Meunang na make speker nalika adzan teu bisa disarukeun jeung make bedug sabab speker mah teu ngarubah urusan agamana sedengkeun bedug mah ngarubah urusan agamana. Ku alatan kitu, umat islam kudu ngaji, ngagunaken pikirana supaya teu katipu sabab kiwari mah loba jalma nu ges katipu ku alusna bungkus nu mangrupakeun paripolah jalma-jalma nu ceceub kana kamajuan umat islam. Jalma nu kieu mun ku urang dititenan aya tilu rupa :
Hiji; Jalma nu nyata-nyata nolak kana hukum Allah sarta boga angkeuhan yen aturan beunang inyana nu leuwih alus.
إِنَّ الَّذِينَ كَفَرُوا سَوَاءٌ عَلَيْهِمْ ءَأَنْذَرْتَهُمْ أَمْ لَمْ تُنْذِرْهُمْ لا يُؤْمِنُونَ
“Sesungguhnya orang-orang kafir, sama saja bagi mereka, kamu beri peringatan atau tidak kamu beri peringatan, mereka tidak juga akan beriman. [al-baqarah; 6]
Dua; Jalma anu katingalina siga narima kana hukum allah, tapi upama ditengetan, maranehna teh mangrupakeun racun nu ancrub kanu madu. Ieu nu ngabahayakeun pisan. Ku urang ges kabandungan , teu saeutik umat islam anu kabelejog ku golongan ieu. Lantaran maranehna palinter mungkus kasasaran, pabid’ahan jeung kamusyrikan ku kedok agama. contona bae ngekahan nu maot didalilan ku hadits dloif [mangga aos nailul author V; 150]; ngahadiahkeun ganjaran kanu geus maot, hajat tiluna-tujuhna majarkeun teh sidekah [aos ianatut tholibin II; 145-146] Jeng rea-rea deui.
Laku jalma kieu teh cocog pisan nu dicaritakeun ku Allah 15 abad katukang
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا تَتَّخِذُوا بِطَانَةً مِنْ دُونِكُمْ لَا يَأْلُونَكُمْ خَبَالًا وَدُّوا مَا عَنِتُّمْ قَدْ بَدَتِ
مِنْ أَفْوَاهِهِمْ وَمَا تُخْفِي صُدُورُهُمْ أَكْبَرُ ۚ
"yeh maraneh anu iman, ulah ngajadikeun jalma luar agama anjeun jadi babaturan kapercayaan anjeun (sabab) maranehna teu eren-eren (ngabalukarkeun) kemudharatan anjeun. aranjeunna resep naon nu jadi gangguan keur anjeun. ngabogaan kaceceb nyata ti sungutna, sarta naon nu aya dina hate maranéhanana nyumputkeun anu gede.” [Ali Imrân/3:118)]
Tilu; Jalma-jalma tukang nyingsieunan batur sangkan teu betah dina ngalaksanakeun hukum allah. Maranehna nuduh yen agama islam teh kejem, teroris, sabab ayana hukum qishos jeung had. Islam teh ngahinakeun awewe sabab nitah dijilbab jeng rea-rea deui. Ieu tujuan na taya lian sangka urang sarua jeung maranehanana sakumaha dina ayat di handap
وَدُّوا لَوْ تَكْفُرُونَ كَمَا كَفَرُوا فَتَكُونُونَ سَوَاءً
Mereka ingin supaya kamu menjadi kafir sebagaimana mereka telah menjadi kafir, lalu kamu menjadi sama (dengan mereka).[an-Nisâ/4:89]
Dumasar pasualan di luhur nya kawajiban urang sarerea husuna umat islam nu ngakhususkeun dirina keur dakwah ngajak baturna kana jalan nu bener, ulah nepi kabelejog, katipu ku bungkus nu alus, kabita ku ngaran siga nu nyunnah, ulah bosen nerangkeun mana sunnah jeung bid’ah, mana taohid mana syirik sabab jalma nu ngadengekeuna oge gonta-ganti lian ti kitu urang kudu nepikeun ka turunan-turunan urang saterusna. Cag ieu teh pikirkeuneun urang!