PENGUNJUNG

Minggu, 31 Juli 2022

Nikmatna Nuduh Batur mah Bari Mopohoken Kasalahan Sorangan



QS al -Baqarah 107

 أَلَمْ تَعْلَمْ أَنَّ اللَّهَ لَهُ مُلْكُ السَّمَاوَاتِ وَالأرْضِ وَمَا لَكُمْ مِنْ دُونِ اللَّهِ مِنْ وَلِيٍّ وَلا نَصِيرٍ (107) }

 Naha anjeun henteu terang yen karajaan langit sareng bumi kagungan Allah! Jeung teu aya deui pikeun anjeun iwal Allah anu ngajaga atawa nulungan.

Yahudi geus ngewa ti awalna, neangan wae kasalahan nabi, matak pas aya nasikh asa rek mentas manggi cukang maranehna nyebutken teu bener, teu konsisten maenya hukum dirobah boa menang anjen sorangan muhammad?

Ceuk Abu Ja'far bin Jarir, padahal ieu warta dimaksad jadi khitab ka Nabi. ku Alloh swt. salaku panghormat ti Anjeunna ka Kangjeng Nabi, tapi sakaligus minangka bantahan anu mungkir ka urang Yahudi sabab mungkir ayana naskah Taurat sareng mungkir kana kenabian Nabi Isa a.s. sareng Nabi Muhammad SAW. Maranéhna ngalakukeun kitu lantaran ieu dua rasul datang mawa kitab anu diturunkeun ti Alloh anu di jerona ngandung hal-hal anu diturunkeun ku Alloh pikeun ngarobah sababaraha hukum Taurat.

Mangka sabada dijawab yen Allah Maha Kawasa kana sagala perkara, Allah nguatken deui ku kecap pananya tapi jeng nafi nu hartina negasken malah ditambahan ku huruf taukid inna, nu eusina Panguasaan Allah kana bumi jeng langit.

Nu pikaserieun mah yahudi nuduh nabi Muhammad ngarubah eusi al quran padahal justru maranehanana anu ngarubah taurat, da kitu nikmatna nuduh mah, kudu bari mopohoken kasalahan sorangan, da nu inget kana kasalahan sorangan mah moal aya mu daek nuduh ka batur.

يبصر احدكم القذاة في عين اخيه، و ينسي الجذاع في انفه

Kuman di pentas laut katingali, gajah dina panon teu katingali. 

Kecap mulku teh tina ملك harti asalna ngawasaan jeng kakuatan, tina kecap ieu oge lahir kecap Malik hartosna raja, sabab biasana raja mah boga kakuatan ngatur batur jenga ngawasaan urusan batur, sanajan nisbi, teu sapertos Allah anu sifatna mutlak.

Ngawasaan jeng ngaturna Allah teh pantes pisan sabab, Allah nu nyiptaken, ngurus langit jeng bumi nepi ka kahirupan di bumi teh merenah nikmat keur manusa, nitah solat teh geus aya cai piken wudhuna, taneh piken sujudna, tuangen keur tanagana.

Beda pisan jeng raja di dunia mah ngatur nitah jeng nyarek teh teu mere jeng kabeh fasilitasna.

Mangka kamampuan Allah ngatur alam dunya teh pantes pisan ngabuktiken yen hakikatna teu aya nu bisa nulungan manusa salian ti Allah, mun dikersaken aya nu ditulungan ku manusa, pan eta teh menang Allah manusa bisa nulungana oge, cag!

Mantenna marentahkeun hiji perkara sabab eta ngandung mangpaat anu ngan Anjeunna sorangan anu uninga, mangka Anjeunna ngalarang ku sabab anu ngan Anjeunna sorangan anu uninga. Taat anu hakiki nyaeta ngalaksanakeun naon-naon anu diparentahkeun-Na, nuturkeun utusan-utusan-Na dina negeskeun naon-naon anu diwurukeun, sarta ngalakonan naon-naon anu diparentahkeunana jeung ngajauhan naon-naon anu dilarang.

Dina pamadegan urang, hal anu ngadorong urang Yahudi nepikeun masalah tékstual téh lain ngan kakafiran jeung kakafiran maranéhanana. Sabab satemenna, numutkeun babandingan, teu aya anu ngahalangan ditegakkeun hukum-hukum Allah, sabab Anjeunna mutuskeun hukum numutkeun naon-naon anu dikersakeun-Na, sakumaha anu dipikahayang ku Anjeunna. Padahal masalah tékstual sabenerna geus lumangsung dina kitab-kitab Allah samemehna jeung syariat-Na saméméh Al Qur'an.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Dzikrul Maut #5

  (Kitab At-Tadzkiroh Bi Ahwali Mauta wa Umuri Akhirat/ Peringatan Tentang keadaan orang Mati dan urusan-urusan Akhirat/Imam Al Qurthubi) KO...